- Ngagaduhan jiwa anu kuat, tabah mayunan sagala rupa kajadian, sarta katenangan anu memang pohara pentingna pikeun hirup di dunya teh.
Umpama jalma jiwana henteu tenang, pikiranna kalang kabut, padamelanana oge moal beres. Bandanna gampil kaserang panyakit jeung sajabina.
- Cahaya hate anu caang ku nur ilahi anu bakal ngajurung kana katakwaan ka Allah swt. Serta salamina kenging panangtayungan ti mantenna sareng rea-rea deui.
Ku ayana iman kana poe aherat, hartina bakal aya pangwales kana sadaya amal urang.
Tinangtu mangrupikeun panahan napsu anu angkara murka, sadaya tingkah laku urang tiasa tambih sae.
Oge moal wantun jail kaniaya, atawa ngarogahala ka papada manusa, malah ka sasatoan oge wantun nyiksa, malah timbul rasa nyaah. Tah kitu hikmahna iman kana poe aherat.
Sareng dawuhana-Na:
قَدْافْلَحَ الْمُؤْمِنُوْنَ. اَلَّذِيْنَ هُمْ فِصَلاَتِهِممْ خَسِعُوْنَ. وَالّذِيْنَ هُم عَنِ الَّلغْوِمُعْرِضُوْنَ,وَالَّذِيْنَ هُم لِلزَّكَاةِفَاعِلُوْنَ.وَالَّذِيْنَ هُمْ لِفُرُوجِهِمْ حَفِضضٌوْنَ. اِلاَّعَلَى اَزْوَاجِهِمْ اَوْمَامَلَكَتْ اَيْمَانٌهُمْ فَاِنَّهُمْ غَيْرُمَلُوْمِيْنَ.(المؤ منون:1-6)
Hartosna: Satemenna bakal baragja jalma-jalma mu’min. nyaeta jelema-jelema anu solatna harusu. Jeung jelema anus ok ngaralieus tina pagawean anu henteu aya gunana.
Jeung jelema-jelema kana zakatna sok marigawe. Jeung jelema-jelema sok ngaraksa farjina (tina zinah), anging ka pamajikannana atawa ka amatna tah eta mah henteu dicela.
Para hadirin sadaya,
Ieu dawuhan Allah teh ngandung arti, yen sangkan meunang kabagjaan kudu iman bener-bener ihlas ka Allah henteu kacampuran ku musrik serta dibarengan ku amal soleh.
Ari amal soleh teh aya anu patali jeung batin, aya anu patali jeung lahir.
1.1. Anu tumali jeung batin(hate), ku cara ngaberesihan jiwa tina rupa-rupa kokotor.
Saperti: kadedemes kana harta banda, gumede, pupujieun, dengki ka batur, telenges ka batur, ujub riya, medit, ngunek-ngunek jeung sipat anu goreng sejenna.
Jeung kudu ngeusian jiwana ku sipat-sipat ka utamaan, saperti: ngalobakeun dikir (eling) ka Allah, sukur kana ni’mat, sabar kana musibah, tawekal, ihlas dina amal.
Isin ku Allah, ngarep-ngarep rohmat Allah, handap asor, nyaahan, welas asih, berehan, mikacinta ka Allah ka Rosulullah jeung sajaba ti eta sakumaha anu diterangkeun dina kitab tasawuf.
Artikel Terkait
Ini Soal Tanda di Jidat, Begini Kata Gus Baha: Tidak Ada Ulama yang Mengatakan Bekas Sujud Itu Berwarna Hitam!
Ini Terkait Cara Melaksanakan Thawaf, Kata Gus Baha: Orang Ibadah Disuruh Khusyuk Tapi Haji Cewek Cowok Kumpul
Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Mangrupi Ihwal Hikmah Iman Sareng Dzikir ka Allah nu Disarengan ku Ibadah Lahiriah
Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Tikawit Tina Azali Dogi ka Akherat, Ieu 4 Alam anu Baris Karandapan Sakabeh Manusa
Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Teu Aya nu Dibantun ka Alam Kubur Salian ti Boeh, Kieu Pangwalesan nu Bakal Karaos